Selasa, 13 Desember 2011

ARTIKEL BAHASA SUNDA

PAMALI JEUNG SANGET

Éséy Cécé Hidayat


“Téng manuk téng, anak merak kukuncungan”
“Uyah mah tara téés ka luhur”
“Melak cabé jadi cabé, melak bonténg jadi bonténg”

nGAHAJA dina ieu tulisan dibubukaan ku nyutat 3 pari­basa Sunda. Maksudna mah keur tatapakan pamiangan tujuan ieu tulisan. Dina paribasa kahiji jeung kadua, eusina ngagambarkeun hu­bung­an antara anak jeung nu jadi kolotna. Lain hubungan génétis wung­kul tapi hubungan patalina, adat kabiasaan, tabéat, watek jeung sifat anak. Hadé goréngna anak ditangtukeun ku bekel atikan jeung pangajaran ti kolotna. Ari paribasa katilu, eusina nuduhkeun mun urang melak hadé tangtu jadina gé hadé, melak goréng jadina goréng. Hadé jeung goréngna budak gumantung kana pepelakanana ti nu jadi kolotna.
Anak, sacara kodratna lahir dina kaayaan suci bersih lir kapas nu nyacas bodas. Rék jadi hideung, rék jadi beureumna téh kapan kumaha kolotna. Cara dina keretas téa mah budak téh lir keretas bodas tulisaneun. Rék ditulisan ku nu rocét atawa ku nu rapih, gumantung ka nu nulisanana. Sakumaha dina ajaran Islam gé aya hadis nu nerangkeun yén orok gubragna ka alam dunya dina kaayaan suci bersih, rék di-Islamkeun, di-Nasranikeun, atawa di-Majusikeun téh gumantung indung jeung bapa, nu jadi kolotna. Kolot boga kawajiban nangtukeun pikaharéup­eun anakna. Rék sina hadé, rék sina goréng, rék Islam, Nasrani, atawa Majusi kumaha kolot nu ngurus jeung ngatik ngadidikna. Di dieu, pangaruh kolot téh gedé pisan dina lebah nangtukeun atikan jeung didikan ka nu jadi anak.
Jaman baheula, para karuhun Sunda tétéla geus boga padika keur nangtukeun papagon hirup anak incu buyut turunanana. Ajaran atawa papagon hirup nu kitu téh ceuk istilah populérna mah disebut “Kearifan Tradisi” atawa aya ogé nu sok nyebut “Kearitan Lokal” téa. Nya éta sarupaning ajaran, aturan, padika, tetekon, papagon hirup jeung palasipah hirup nu asalna tina “luang ti papada urang”. Cindekna gumelarna kawijakan hirup nu turun-tumurun téh biasana ngeunteung tina alam sabudeureun. Contona mangrupa babasan, paribasa, kapamalian, uga, cacandran, sanget, rupa-rupa upacara adat, jampé-jampé, paparikan-sisindiran, jeung sajabana. Eusina leubeut ku rupaning silib, sindir, siloka, simbul, jeung sasmita.
Dina ngalarapkeun papagon-papagon hirup téh, budak wajib narima jeung kudu taat tur tumut kana aturan ti kotot. Naon baé nu diajarkeun ku kolotna, mangka budak kudu daék nurut, teu meunang mungpang. Mun aya budak anu wani-wani nambalang atawa mungpang kana naséhat-naséhat, piwejang sarta wurukan ti nu jadi kolot, éta budak sok disebut sasar pikir, budak wangkelang, budak bonto­ngor, budak bangkar warah, budak teu nyaho di kanyaah kolot, jeung sajabana.
Ari sipating budak, kapan masih polos téa. Adat-adatanana éstuning bawaan ti kodratna mah eusianeun kénéh. Mun rék ngarobah adat budak sangkan jadi jelema cageur, bageur, bener, singer, jeung pinter téh nya ku kolotna. Mun téa mah kolotna geus béak déngkak méré atikan jeung didikan ka nu jadi anak, tapi éta budak masih kénéh teu bisa robah adat, nya dalah dikumaha atuh. Antuknya sok lahlahan nyebut “Ah da geus kitu wé meu­reun takdirna.”
Konsép atikan kolot baheula, najan bisa waé can paamprok jeung ajaran Islam, tapi geuning dina enas-enasna mah geus ngamalkeun ajaran Islam. Contona lebah konsép “Amar ma’ruf nahiy munkar”, kapan kolot urang, Karuhun Sunda geus wawuh jeung éta konsép. Aya ajaran panyaram lampah salah jeung pangjurung atawa papatah pikeun lampah bener, nu nyampak dina babasan jeung paribasa. Upamana dina lebah nyaram lampah salah, dina paribasa nyampak mangpirang-pirang conto paribasa anu eusina nyaram. Saperti: Utah biwir nyiru rombéngeun, ulah gindi pikir belang bayah, ulah kabawa ku sakaba-kaba, ulah cul dogdog tinggal igel, ulah nangkeup mawa eunyeuh, jeung sajabana. Kitu deui dina lebah nitah milampah hadé, kapan réa babasan jeung paribasa nu eusina nitah migawé bener atawa rupa-rupa kahadéan. Saperti: kudu hadé gogog hadé tagog, kudu leuleus jeujeur liat tali, kudu ngadék sacékna nilas saplasna, kudu landung kandungan laer aisan, jeung réa-réa deui.
Ari nu boga kawajiban nepikeun papagon-papagon hirup jeung rupaning atikan lian ti kolot téh nyaéta guru jeung ratu (pamaréntah). Lantaran nya maranéhna pisan nu geus loba luangna dina kahirupan, geus loba pang­alaman hirup, jeung nyaho pait peuheurna hirup. Tapi pikeun budak mah, peran kolot pisan anu kacida dominan mah, sabab nu di imah ngatik jeung ngadidik budak sacara langsung téh kolot. Ari nu disebut kolot téh, bisa indung jeung bapa, bisa nini-aki, atawa buyut urang. Tegesna mah saha baé anu aya patalina jeung pakuat-pakaitna nasab tur némbongkeun kanyaahna ka budak téa. Ku lantaran kolot téh jadi sumber atikan pikeun budak, atuh sagala réngkak jeung paripolahna téh sawadina jadi conto tuladeun budak. Aturan bebeneran anu ceuk ukuran kolot kudu kitu, nya budak gé nurutan kudu kitu.
Kolot urang baheula, saréngkak jeung saparipolahna téh éstuning tarapti jeung ati-ati. Lebah nerapkeun ajaran atawa atikan ka budak tara ku cara togmol atawa langsung nerag. Tapi sok dibalibirkeun ku rupaning dongéng-dongéng pieunteungeun, dongéng-dongéng bangsa jurig jeung dedemit, atawa ku nyieun aturan-aturan panyaram nu disebut PAMALI.
Kecap pamali nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda LBSS (1994) mah cenah sagala hal anu sok aya matakna nurutkeun kapercayaan karuhun, saperti ulah sok lalangiran, pamali! matak ditinggalkeun maot ku indung; ulah sok diuk dina lawang panto, pamali! matak nongtot jodo. Ari cék RA Danadibrata mah nu disebut pamali téh nyaéta larangan sepuh urang anu maksudna teu meunang ngalakukeun hiji pagawéan lantaran sok aya matakna, upamana lalaki teu meunang nyekel asiwung pamali matak peluh; ngomé béas pamali bisi dijual ka oa; nu keur reuneuh teu meunang ngadahar intip pamali bisi bali orok kaluarna hésé; nu keur reuneuh teu meunang ngadabar tutut pamali bisi tunduh dina waktu keur ngalahirkeun jsb. Sedengkeun R.Satjadibrata mah nerangkeun harti pamali téh nyaéta larangan karuhun, upamana ulah nyoo seuneu, ulah nyoo béas, ulah nginjeum jarum tipeuting jsb.
Cindekna pamali téh sarupaning pantrangan-pan­trangan anu kudu dijauhan, anu teu meunang dipilampah, sabab lamun dirémpak bakal nimbulkeun mamala. Jadi mun budak rék milampah hiji pagawéan anu teu parok jeung aturan kolot, kolot urang baheula cukup nyebut “teu meunang, pamali, bisi matak anu…” Ku kitu gé, budak téh sok tara loba tatanya deui, éstuning nurut wé da maksudna kalawan lantip tur surti ku kolotna geus dibéjaan. Basana gé cukup ku “Ulah kitu sabab bisi kitu”. Eusina siga nu nyingsieunan, padahal disatukangeun lalangsé éta panyaram téh aya maksud anu nyamuni, anu kudu disurahan, anu kudu dipikiran deui. Tah bakal kaharti jeung kabukana rasiah éta silib, sindir atawa siloka dina éta kapamalian téh lamun budakna geus jadi jelema sawawa, geus mikir déwasa, geus loba luangna.
Upama dipikir saliwatan mah asa anéh, naha ari kolot-kolot urang baheula ka nu jadi anak téh sok loba pisan nyaram atawa mantrang? Jeung mantrang atawa nyaram­na téh ngan wungkul ka barudak deuih, da ka anu geus sawawa mah tara, komo ka nu geus laki rabi mah tara pisan. Geura wé, cenah dahar itu teu meunang, pamali; dahar ieu teu meunang, pamali. Kitu deui ngalakukeun itu pamali, ngalakukeun ieu pamali. Sigana téh ampuh pisan, cukup ku nyebut pamali gé, ku budak kudu digugu jeung tara aya nu wani mungpang.
Kaalaman ku sorangan, baheula, jaman keur budak, boh ku indung bapa, boh ku nini aki sok remen ditegor pamali téh. Upamana waktu meuncit hayam, biasana rék lebaran. Budak mah cenah teu meunang dahar cékér hayam, pamali, da bisi tulisanana goréng siga cékér hayam. Atawa budak mah teu meunang ngadahar tunggir, pamali sabab bisi engkéna dipangnunggirkeun. Kitu deui bagian hulu hayam, budak teu meunang ngadahar hulu/ otak hayam, pamali da bisi huisan. Anu matak keuheul mah lebah bagéan ati hayam, da puguh ngeungeunahna, budak dicaram, teu meunang ngadahar ati hayam, sabab cenah bisi jadi matak guranyih atawa bakal loba kasusah.
Conto séjénna pantrangan kapamalian nu ditibankeun ka barudak téh, utamana nu patali jeung daharéun. Saperti, teu meunang ngadahar cau sisina, sabab matak kasingsal; teu meunang dahar jantung, sabab matak jantungeun; teu meunang ngadahar cau démpét, sabab bisi engkéna matak boga anak démpét; teu meunang beuki dahar suung, sabab bisi engkéna suungeun; teu meunang dahar lopang, sabab matak belet; ulah beuki iwung awi gedé, matak édan awi cawang; ulah ngadahar buah urut sésa kalong, sabab matak rodék/burung susu.
Aya deui panyaraman anu patali jeung pagawéan diantarana: ulah meuleum batok, matak nyeri tuur; ulah meuleum daun cau baseuh, matak bau kélék; ulah meuleum suluh ti puhuna, matak malarat pakokolot, jst.
Sakabéh panyaraman-panyaraman di luhur anu kasebut kapamalian téa, lamun dipikir saliwat mah siga nu teungteuingeun kolot urang téh. Hawek wé sugan mah, rupaning kadaharan anu cék rarasaan mah ngeunah tur dipikahayang ku budak, bet sagala dicaram. Padahal lamun disurahan kalawan lantip tur surti, bréh wé kapanggih maksudna.
Apanan kolot mah ngatik ka barudak téh ngarah nurut tur nerap, sarta dimana geus sawawa atawa jadi kolot deui, rupaning ajaran téh diamalkeun. Tétéla geuning aya maksud di satukangeun lalangsé kecap pamali téh. Di dinya nyampak ajaran tradisional nu kudu disurahan kalawan wijaksana. Kolot urang baheula nyaram soténan maksudna sangkan urang ulah boga sifat hawek, sagala di dahar teu inget ka batur. Kapan pangawakan budak mah kawatesan­an, mangka dimana dahar gé kudu diukuranan ulah sagala hayang, ulah sagala didahar, nepi ka matak méakkeun batur. Kitu deui pantrangan-pantrangan nu patali jeung maké tur ngagunakeun tutuwuhan atawa sasatoan. Sasatna lain teu meunang tapi ngatur sangkan ulah dibéakeun. Jantung cau upamana, kapan éta téh pibabakaleun buah cau, lamun jantungna diala terus dipaké kadaharan samemena, meureun moal jadi buah. Atuh moal aya buah cau. Suung ogé kapan jaman harita mah teu dipelak, tapi jadi ku sorangan. Mun terus diala sarta dijadikeun kadaharan kalawan teu maké aturan, meureun gancang béakna. Tah éta téh hiji gambaran yén kolot urang baheula mah wijaksana jeung nyaah ka alam sabudeureun. Sagala nu nyampak di alam téh keur manusa, tapi teu meunang sagawayah maké jeung ngagunakeunana, kudu maké aturan. Ku aturan nu sifatna teu tinulis saperti pamali téa ge geus cukup, da masrakat harita kukuh pengkuh, tuhu jeung taat disiplin kana aturan nu geus dijieunna.
Kecap pamali ogé tétéla ampuh pikeun ngaraksa jeung ngariksa kalumangsungan lingkungan alam sabudeureun. Kecap pamali bisa nyegah pagawéan anu bakal ngabalukar­keun ruksakna lingkungan. Upamana pikeun ngaraksa jeung ngariksa leuweung, masarakat Sunda buhun, kolot urang baheula, nyieun aturan mana leuweung anu meunang disaba, jeung mana leuweung anu teu meunang disaba. Nya aya aturan nu ngabagi babagian leuweung jadi leuweung larangan jeung leuweung tutupan nu dipahing diganggu, komo deui diruksak mah. Ngan wungkul leuweung nu teu kaasup leuweung larangan jeung leuweung tutupan anu meunang disaba sarta dicokot mangpaatna. Jadi, asup ka leuweung tutupan jeung leuweung larangan mah pamali pisan, sabab mun dirémpak bakal nimbulkeun mamala. leu téh éstuning wijaksana jeung cerdas, sabab geuningan karuhun urang, kolot baheula geus ngalaksanakeun konsép konservasi leuweung anu ngalestarikeun leuweung katut pangeusina. Kaharti ku akal, kapan nya leuweung nu jadi sumber nyimpen cai jeung nyegah tina bencana alam banjir atawa longsor téh. Sabab mun leuweungna ruksak, sumber cai jeung sumber alam, flora katut fauna nu aya di leuweung bakal ruksak nepi ka béakna.
Aya conto séjén anu patali jeung ngatur, ngajaga, ngaraksa jeung ngariksa tutuwuhan nu nyampak di alam. Upamana dina lebah nuar tatangkalan, boh kai, boh awi. Karuhun urang pantrang ngalakukeun dina 2 poé nu dianggap sakral nyaéta poé Salasa jeung poé Jumaah. Naon sababna? Kapan poé Salasa téh sok dipaké poé pasar, ari poé Jumaah, kapan poé ibadah umat Islam, ngalaksanakeun sholat Jum’ah. Lamun unggal poé dina saminggu di­wenang­keun kitu waé nuar awi atawa kai, meureun bakal béak sagala tatangkalan téh, pangpangna ari awi jeung kai mah sok dipaké bahan keur nyieun imah. Pon kitu deui dina cara nuar awi, teu meunang sagawayah tapi kudu dipilih tina dapuran awi anu pangjerona, anu umur awina geus kolot, sabab lamun nu ngorana dituaran atuh bakal tumpur. Dina ngala kawung ogé, anu méh saban bagian ngabogaan mangpaat, karuhun urang teu sagawayah ngagasab tangkal kawung, tapi diatur ku tata titi nu rintih maké upacara adat, ngahoramat kanu dianggap ngageu­geuh­na. Balukarna tara aya tangkal kawung nu wani-wani diruksak, malah diraksa jeung diriksa da ngahasilkeun lahang pigulaeun. Kitu deui cara melak pepelakan, cara paré di sawah atawa di huma teu sagawayah, tapi diatur ku papagon-papagon adat tradisi, ku cara maké upacara adat.
Lian ti kapamalian, pikeun ngaraksa jeung ngariksa lingkungan alam sabudeureun, pangpangna tempat dimana nyampak sumber huluwotan cai, anu biasana mah sok dibarung ku ayana tatangkalan kai anu galedé, kolot urang baheula nyieun aturan atawa papagon ku cara nyebutkeun yén éta tempat téh SANGET. Ari sanget téh hartina dina éta tempat aya sabangsaning jurig atawa dedemit anu ngageugeuh. Lamun digunasika atawa diganggu komo deui diruksak mah, tangtu jurig nu ngageugeuh éta tempat bakal mawa mamala. Ku cara kitu gé éta tempat téh aman, tara aya nu wani-wani ngadatang­an, sok komo ngaruksak atawa nuar kaina mah. Harita mah dikitukeun téh percaya wé. Ku aturan ayana jurig nu ngageugeuh nepi ka meunang sebutan sanget téa, sumber-sumber alam nu nyampak di dinya jadi aman. Sirah cai atawa huluwotan cai teu diganggu, kitu deui tatangkalan­ana ogé aman. Sabalikna lamun éta sumber cai jeung kaina diruksak ku cara dibabad dituaran, geus tangtu caina bakal orot, malah nepi ka saatna pisan gé teu mustahil.
Perkara percaya ka sabangsaning jurig atawa siluman jeung bangsa dedemit téh memang ampuh pikeun ngajaga, ngaraksa jeung ngariksa lingkungan alam sabudeureun, lain baé ngariksa tutuwuhan tapi deuih jeung sasatoana ogé. Contona lauk cai. Di daerah Kuningan, aya sabangsa lauk kancra purba, anu ngan aya hiji-hijina di Kuningan wungkul. Ti baheula nepi ka ayeuna tetep langgeng lestari, sabab teu aya nu wani-wani ngala, komo nepi ka ngadahar laukna mah. Padahal éta téh jenis lauk nu kaasup langka tur teu nutup kamungkinan saenyana mah mun didahar gé matak ngeunah. Tapi ku lantaran diterapan aturan buhun ti karuhun Sunda SANGET téa, éta lauk tetep abadi malah ngalobaan, tur ekosistemna ogé dipiarajeung dipusti-pusti, henteu diganggu. Kiwari éta lauk tara aya nu wani ngala, tapi ukur dipaké objék wisata di Taman Pemandian Air Cigugur Kuningan.
Tétéla geuningan, karuhun urang, kolot baheula, leuwih wijaksana jeung leuwih cerdas lebah ngaraksa jeung ngariksa lingkungan téh cukup ku papagon jeung aturan anu teu tinulis: PAMALI jeung SANGET. Hasilna nyugemakéun tur ditarurut deuih. Ari ayeuna kumaha? Manusa alam kiwari, anu cenah sok disebut jaman modéren dina nyangharéupan lingkungan alam sabudeureun beunang disebut kabalinger, da geuning alam téh diruksak, diéksploitasi jeung digunasika, nepi ka ruksakna. Atuh wawalesna téh nya bencana alam jeung bencana kamanusaan. Banjir, longsor, caah déngdéng, kalaparan, tigerat cai, hawa nyongkab panas, jeung sajabana.
Sigana, urang nu hirup di alam kiwari kudu ngimpleng mikiran deui papagon-papagon kolot baheula nu geus puguh benerna jeung puguh hadéna, lebah miara jeung ngalestarikeun alam mah. Ulah aya basa katinggaleun jaman, atawa dianggap kuno. Sapanjang aya mangpaatna jeung gedé gunana keur kahirupan, naon salahna mun éta papagon-papagon kolot baheula téh ditulad. Paling copelna, dipaké eunteung pikeun mangsa pikaharéupeun, supaya anak incu generasi sapandeurieun urang salamet.
Mangga nyanggakeun…! Wallahu ‘alam bishawab…

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar